KHUTBAH JUMAAH Ka 4, J
u n i 2022
RASA RUMASA
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ اَهْلِ الْحَمْدِ وَ
الثَّنَاءِ . اَلْمُنْفَرِدِ بِرِدَاءِ الْكِبْرِيَاءِ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ الْمُئَيِّدُ صَفْوَةَ
اْلأَوْلِيَاءِ بِقُوَّةِ الصَّبْرِ عَلَى الضَّرَّاءِ وَالشُّكْرِ عَلَى النَّعْمَاءِ
وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ سَيِّدُ اْلأَنْبِيَاءِ وَاْلأَتْقِيَاءِ
. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ
الْكُرَمَاءِ . اَمَّا بَعْدُ : فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُّوْا اللهَ حَقَّ التَّقْوَى
. اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : قَالُوْا سُبْحَانَكَ لَا عِلْمَ
لَنَا إِلَّا مَا عَلَّمْتَنَا إِنَّكَ أَنْتَ الْعَلِيْمُ الْحَكِيْمُ
"Para Malaikat ngawalon : “Maha Suci Gusti ! Abdi sadaya henteu terang naon-naon
kajabi ti katerang
(elmu) anu parantos dipaparinkeun
ku Gusti ka abdi sadaya.
Sayaktosna nya Gusti Nu Maha Uninga, Nu Maha Wijaksana” (QS.
Al-Baqoroh, ayat 32).
Hadirin Ahli Jum`ah Rahimakumullah !
Dina
ngambah kahirupan di dunya ayeuna kahade urang bilih lali kana tujuan hirup anu
saleresna, kabengbat ku ladang titingalian jeung kukupingan, anu ka dituna teu
gaduh rasa rumasa, teu ngarumaoskeun diri makhluk Allah, diciptakeun ku
Mantenna, teu ngarumaoskeun lemah, yen hirup diusik malikeun ku Allah, huripna
diatur ku Gusti Allah, akhirna timbul asa. Sagala asa kenging nyalira,
kamampuan sorangan, asa aing nu kawasa, asa aing uyah kidul, tungtungna jadi
takabur, teu mampu ngajenan batur, hirup katalanjur, dugika hilap ka alam
kubur.
Manusa
kedah ngagaduhan jiwa rumasa sareng tawadlo, henteu asa aing, ieu kedah
diusahakeun sareng dilatih. Carana nyaeta, tonjolkeun ku rasa kalemahan diri,
pareuman rasa kapunjulan diri, saperti kalemahan diri dina elmu, da elmu manusa
mah aya batesna, kacida saalitna. Pidawuh Allah Nu Maha Suci:
وَيَسْأَلُوْنَكَ عَنِ الرُّوْحِ قُلِ الرُّوْحُ صلى مِنْ
أَمْرِ رَبِّيْ وَمَا أُوْتِيْتُمْ مِّنَ الْعِلْمِ إِلَّا قَلِيْلًا
“ Jeung maranehna naranyakeun ka Anjeun {Muhammad} perkara
roh. Pok caritakeun: Ari roh mah urusan
Pangeran kaula; jeung arandika henteu
dipaparin elmu anging
kalawan saeutik" (QS. Bani Israil, ayat 85).
Rumasa
diri lemah dina amal ibadah, buktina can betah jeung can tiasa khusyu dina
ibadah, can mampu ikhlas anu sanyatana. Rumasa lemah dina katiasa, kagaduh,
harkat sareng darajat, margi diri aya nu ngawasa nyaeta Gusti Allah SWT. atuh sagala rupa ulah diaku ladang kabisa
diri, da eta mah taqdir ti Nu Maha Kawasa. Tebihkeun rasa kieu: “ Dibandingkeun
jeung si anu mah leuheung keneh, teu kedul-kedul teuing, teu bodo-bodo teuing,
teu salah-salah teuing ! ”. Perasaan anu
bieu kedah dipupus margi diri jadi asa, ngaruksak kana karumasaan jeung
kaikhlasan.
Paling
henteu dina nalika urang nuju nyorangan jauh ti papada kaula, sing aya rasa yen
raga teh geuning nyorangan teu aya nu maturan, gaul jeung batur ukur amprok di
pasimpangan jalan jang nyumponan kaperluan candakeun mulang ka lembur, moal
salamina dipanyabaan, da ti dituna oge
sorangan, engke ge bakal balik deui
nyorangan.
Hadirin Rahimakumullah !
Mangfaat gaduh rasa rumasa bakal kadedemes ku elmu, margi rumasa sepi tina pangarti sepa tina pangabisa. Bakal kersa tobat, margi rumasa seueur dosa, seueur kalepatan, bisi dosa kacandak ka alam kubur. Oge bakal kadedemes kana amal soleh candakeun ka alam kalanggengan, bekel candakeun menghadep ka Dzat Nu Maha Agung.
Tina rasa
rumasa ieu kedah aya
bukurna, karumasaan tanpa aya
bukurna namina bohong, lamunan, masih
diulinkeun ku syetan. Upami rumaos lepat, enggal tobat, rumaos bodo atuh kedah
kersa milari elmu, rumasa hina atuh hirup ulah kumuluhur, lamun rumasa urang
kufur kedah rajin tafakur memeh lebet ka alam kubur. Kasauran Hukama :
اَلْحُزْنُ عَلَى فُقْدَانِ الطَّاعَةِ
مَعَ عَدَمِ النُّهُوْضِ اِلَيْهَا مِنْ عَلَامَاتِ اْلإِغْتِرَارِ
" Rasa nalangsa
lantaran teu ngalakukeun kataatan (ibadah)
tapi bari teu dibarengan
usaha nguniang hudang kana eta
kataatan, maka eta tanda diulinkeun (ditipu) syetan".
Jalmi anu
ngagaduhan rasa rumasa berarti ngamilik jiwa tawadlo, sedengkeun dimana jalmi
tos ngamilik jiwa tawadlo maka bakal diluhurkeun martabatna ku Gusti Allah,
dipikacinta ku Gusti Allah, ku para malaikat sareng ku sadaya jalmi,
cariosanana bakal aya dina panampian makhluk. Kanjeng Rasulullah SAW ngadawuh:
وَ مَا تَوَاضَعَ اَحَدٌ لِلَّهِ اِلَّا
رَفَعَهُ اللهُ – رواه مسلم
“Jeung teu pati-pati hiji jalma tawadlo karana Allah, anging
Allah bakal naekeun martabatna” (Riyadlush Sholihin, kaca 298).
Tapi,
karumasaan anu aya dina hate ulah jadi panghalang, hoream jeung isin nerangkeun
haq, teu mampu ngajak batur kana bebeneran, amar maruf nahyi munkar, kupedah
ngarasa diri hina jeung can bisa bener, ngarasa teu aya ka gaduh. Tapi oge ulah
adigung kunu suwung, agul ku payung butut.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ
الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ
هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah Kadua
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ حَمْدًا كَثِيْرًا كَمَا
اَمَرَ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ الْوَاحِدُ
الْقَهَّارُ وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَ رَسُوْلُهُ النَّبِيُّ الْمُخْتَارُ
. اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَ سَلِّمْ عَلَى سَيّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِه وَاَصْحَابِهِ
اْلأّبْرَارِ. اَمَّا بَعْدُ فَيَا اَ يُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوْا اللهَ فِيْمَا اَمَرَ
وَاْنتَهُوْا عَمَّا نَهَى عَنْهُ وَزَجَرَ . اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ
وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَ اْلأَمْوَاتِ
. اَللَّهُمَّ اِنَّا نَعُوْذُ بِكَ مِنْ عِلْمٍ
لَا يَنْفَعُ وَ مِنْ قَلْبٍ لَا يَخْشَعُ وَ مِنْ نَفْسٍ لَا تَشْبَعُ وَ مِنْ عَمَلٍ
لَا يُرْفَعُ وَ مِنْ دَعْوَةٍ لَا يُسْتَجَابُ لَهَا وَمِنْ عَيْنٍ لَا تَدْمَعُ
. رَبَّنَا آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّ فِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَّ قِنَا
عَذَابَ النَارِ وَ اَدْخِلْنَا الْجَنَّةَ مَعَ الْأَبْرَارِ بِرَحْمَتِكَ
يَا اَرْحَمَ الرَاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ
لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ
Komentar
Posting Komentar